CIBUDUR, 1990:1
Japati sajodo nyongclo dina suhunan wangunan anu satengah teu kaurus. Sabaraha hiji kenténgna pareupeus. Komo dina palebah panyawéran mah. Éta wangunan téh bisa disebut semi permanén, sabab béh handapna mah maké témbok ari kaluhurna dituluykeun ku bilik. Tembokna geus loba anu marogplogan. Sedengkeun bilikna pinuh ku kekebul.
Di béh tukang, gunungan huut kipas amaracak tapak ngagaley. Luhureunana solobong séng ti jero wangunan. Ampir unggal poé éta gunungan téh dipaké guley barudak peperangan. Sanajan remen dihaok dicarék bisi tiporos kana seuneu di jerona ogé, angger wé barudak mah balik deui balik deui ka dinya.
Japati sajodo dina suhunan téh gentak haliber basa aya bal pelastik ngancul dina suhunan. Dua urang budak lalaki taranggah ngadagoan bal turun deui murag tina kenténg.
“Kuringeun lah nu nyépak, manéh mah ngajelepung waé!” ceuk budak nu jangkung begéng.
“Pan cenah hayang nu ngeunaheun ditéwakna. Tapi, sok lah kuring jadi kiper,” témbal budak nu galing.
“Héy, bantuan atuh nyieun gulna!” gorowok budak bodas anu buukna semu beureum bari ngitung léngkah keur lawang gul béh ditu.
“Enya, ngeunah-ngeunah wé sésépakan. Bantuan tuh si Mumu keur néangan batuna!” tambah budak leutik cangker anu keur ngeukeuweuk batu tanda gul.
Barudak téh aya limaan. Nu keur sésépakan ngaranna Sahidin jeung Burhan. Nu duaan keur nyieun gul ngaranna Holil jeung Abas. Sedengkeun saurang deui keur kokotéténgan di kebon néangan batu anu pas keur gul, ngaranna Mumu.
Maranéhna geus maranti tiap poé Minggu isuk-isuk sok maén bal di dinya, dina témbok pamoéan paré hareupeun pabrik héleran. Gulna biasana ngan ukur ditandaan ku batu kénca katuhu anu jarakna dua léngkah. Teu maké tihang jeung mistar, cukup ku dikira-kira baé. Lamun bal ka luhur sarta teu katepieun ku kiper, dianggap aut. Teu wudu mindeng paséa paréa-réa omong ku alatan éta. Kiper keukeuh nyebut luhur teuing teu kaajrug, nu nyépak keukeuh cenah kiperna ngajrugna teu tarik. Lamun bal méngpar teuing kira-kira sapas tihang gul lamun aya atawa liwat luhureun batu, sok disebut malapah. Malah ceuk bapana Burhan mah malapah gedang cenah.
Biasana lobaan nu ngadon maén bal di dinya téh. Tapi budak nu lima téh minangka nu pangsumangetna dina maén bal. Matak sok pangheulana baé ka dinyana téh.
Di Cibudur mémang ngan kari aya éta tempat keu barudak maén bal téh. Sok sanajan lamun kapanggih ku nu bogana mah barudak téh sok diusir bari dicarékan. Saha nu teu ambek atuh, tempat pamoéan digaley, batu urut gul pabalatak, taneuh amaracak luhureun pamoéan, komo lamun urut hujan mah. Kenteng barabak, malah panyawéranana mah pan geus parunglak.
Tapi anéhna barudak mah angger wé datang deui-datang deui ka dinya. Najan dicarék, dihaok, dibeberik ogé sigana téh teu paduli. Bangun nu barungah wé najan tiap balik kudu gégétrét. Urut paré téa atuh, barang kacaian téh nataku ateulna.
Baheula mah cenah tempat maén bal téh aya, di béh wétaneun lembur. Disebutna téh Lapang Kebon Kapol. Tapi éta mah baheula basa bapa-bapana éta barudak sok maraén bal kénéh. Ayeuna mah pan geus jadi SD Inpres. Lapangna teu meunang dipaké maén bal. Lamun maksa gé kuriak disetrap Pa Hérman, kapala sakola urang Cipatujah téa.
“Kamarana barudak téh nya?” ceuk Burhan bari nyirilik ka jalan aspal kaléreun pamoéan. Terus tenga-tengo.
Jalan aspal saulas téh ngabulungbung wé kosong. Ma’lum jalan désa anu can pati ramé. Sanajan éta jalan téh nyambungkeun Mangunreja jeung Sukaraja, ngan saeutik mobil anu ngaliwat ka dinya. Paling-paling ogé mobil treuk anu ngakut kai ka dinya mah.
“Tuh, si Udin diboncéng ku Mang Oday!” Abas ngagorowok bari nunjuk ka béh wétan.
Enya wé ti jalan béh wétan katempo aya Honda bébék 70-an maju ngeyeted. Nu numpakna jalma jangkung gedé, buukna gondrong ririakan. Tukangeunana nangkod budak bodas jeung jangkung tapi semu leuleus.
Reg motor téh eureun hareupeun barudak. Jrut Udin turun. Geuleuyeung deui wé motor téh maju. Nu numpakna mah teu ngalieuk-ngalieuk acan ka barudak téh.
“Mawa keretas naon éta, Din?” tanya Burhan.
“Keretas wawar,” témbal Udin.
“Wawar ti mana?” Burhan nanya deui.
“Tadi di Cilolohan aya nu wawar maké mobil disapékeran. Mang Oday téh ménta keretasna. Terus dibikeun ka kuring.”
“Naha geuning Mang Oday bisa dibéré ku nu wawar?”
“Da emang kuring mah wawuheun jeung nu wawarna ogé.”
“Ka dieu moal anu wawarna?” tanya Sahidin anu ti tadi ngadéngékeun rada anggang.
“Pasti ka dieu da rék ka Cibaruyan. Bieu mah keur ngeusian béngsin heula di Haji Atang.”
Barudak téh tingtarengo ka béh wétan. Tapi boro-boro kaciri mobil nu wawar, dalah sorana ogé can kadéngé-kadéngé acan.
“Héy! Badé moal maén bal téh?” kadéngé sora Mumu ngajéréwét. Manéhna kakara bérés nyieun gul di handapeun panyawéran héleran.
“Aéh, enya nya. Hayu ah, baé sakieuan gé!” ceuk Burhan bari lumat ka tengah-tengah lapang tanding.
“Ké heula atuh, Han!” ceuk nu tiluan ampir bareng.
“Ngadagoan wawar heula lah sakeudeung,” tambah Sahidin.
“Lah, lila atuh euy,” omong Burhan bari manéhanana gé lumpat balik deui ngadeukeutan anu tiluan. Malah ayeuna mah dituturkeun ku Mumu jeung Holil.
“Moal, moal lila geura!” omong Udin Tandes.
Enya wé, teu lila kadéngé hawar-hawar sora sapéker. Beuki lila beuki tarik. Asa ngaweuhan, kawantu di wewengkon pasir atuh. Malah mah siga anu tikakarait kana tatangkalan sorana téh.
Beuki lila sora nu wawar dina sapéker téh beuki ngoncrang. Sora gerung mobilna ogé mimiti kadéngé. Barudak beuki teu sabar, hayoh ting tarengo papanjang-panjang beuheung.
“Tuh geuning!” cenah ampir bareng basa jebul mobil ti péngkolan kiduleun astana.
Beuki deukeut rupa mobilna beuki jelas. Geuning mobilna téh mobil kol bak Kang Adang urang Cibeureum. Di luhureun hulu mobil katémbong toa ditalian ku tambang. Sora tina éta toa kadéngé dengér pisan.
“Saksikanlah pertarungan dua kesebelasan terhebat jaman ini …..! Saksikan pula jago-jago kedua kesebelasan, …. Sumpena, Sobur, Wawan Karnawan, dan lain-lain!” cenah. Sakapeung mah teu pati jelas omonganana téh da puguh gancang pisan nurutan reporter maén bal dina radio. Nu ngomongna aya digigireun supir. Ngomongna bari sungar-sengir sagala, teuing amis budi teuing mémang huntuna opsét. Supirna ogé nyengir, nyéréngéh.
Dina bak mobil téh aya jalma tiluan. Nu hiji nyekelan toa bari nangtung, bisi murag meureun. Nu dua deui purah ngawur-ngawurkeun keretas wawar. Unggal aya jalma di sisi jalan, wur keretas téh diawurkeun. Nu di sisi jalan teu kolot teu budak biasa ramé parebut néwakan keretas, pada-pada hayang kabagéan.
Wawar modél kitu téh geus ilahar di wewengkon éta mah. Lamun aya nu “promosi” téh sok diwawarkeun kitu. Tapi mimindengna mah wawar kitu téh ngawawarkeun layar tancep di lapang désa.
Basa mobil ngaliwat barudak ngajajar sisi jalan. Tapi anéhna euweuh keretas nu diawurkeun. Mimitina mah ngan bati arolohok barudak téh. Barang sadar, deregdeg Sahidin ngudag mobil bari gogorowokan dituturkeun ku babaturanana.
“Mang! Mang! Bagi abdi, Mang! Lung! Alungkeun!”
Geus kitu mah wur wé keretas diawurkeun. Rabeng kaanginkeun. Barudak pahibut mulungan. Sahidin mah da puguh pangjangkungna, bisa néwak satilu-tilu. Burhan jeung Abas meunang hiji séwang. Ngan Holil nu teu meunang téh. Mumu mah harita mulung anu murag kana kamalir. Barang dicokot, méh saparapatna mah baseuh.
“Horé meunang tilu!” ceuk Sahidin bari ajrag-ajragan.
“Keur naon loba ogé da sarua ieuh eusina mah,” témbal Burhan.
“Enya, matak kuring teu milu paribut ogé,” Udin mairan.
“Enya nya,” omong Sahidin ngabéléhém. Tuluy mikeun keretas hiji ka Holil jeung hiji ka Mumu. Nu baseuh mah lung wé ku Mumu téh kana kamalirkeun deui.
Basa aya motor ngaliwat barudak téh nyarisi bari ngadon nelek-nelek aksara dina keretasna sewang-sewangan.
SAKSIKANLAH!!!
Domba Cup Cibaruyan
antara
SIRTU Tanjungjaya vs ROS Singaparna
Di Lapang Cibaruyan – Desa Cintajaya
Hari ini jam 4 sore
Karcis: Dewasa Rp 1500 Anak2 Rp 750
“Wah, pasti ramé yeuh!” ceuk Holil.
“Kuring mah rék nongton ah,” témbal Udin.
“Kuring gé hayang nongton mah, tapi mahal euy karcisna,” témpas Burhan.
“Ah, kuring mah da jeung Mang Oday ieuh, gampang,” Udin némbal deui.
“Manéh mah sagala téh Mang Oday wé,” Abas milu nimbrung.
“Kumaha badé moal maén bal téh?” celetuk Mumu nu ti tadi ngarérépéh meuraykeun nu keur padungdengan.
“Éh enya, hayu ah bisi kaburu datang Mang Amin!” ceuk Sahidin bari gentak lumpat ka pamoéan. Babaturanana naluturkeun. Maranéhna kakara inget lamun masih kénéh boga hanca.
Rada anggang lumpat téh, bubuhan tadi mah ngungudag mobil wawar, jadi teu karasa jauhna. Barang rék sup ka pamoéan, Sahidin nu lumpat pangheulana ngarandeg ngadadak tuluy nyalingker ka tukangeun tangkal calingcing di sisi kebon Wa Ajang. Nu lalumpat satukangeunana ogé rug-reg tuluy nuturkeun nyalingker ka tukangeun tangkal calingcing.
“Aya naon, Din?” tanya Burhan semu ngaharéwos.
“Mang Amin, siah!” témbal Sahidin semu ngaharéwos ogé.
Di pamoéan katempo aya lalaki dugul jeung budayut keur nyéréd-nyérédkeun batu gul ku sukuna, disérédkeun ka nu bala. Dina leungeun katuhuna pangilang paragi ngagebahkeun manuk tina awi dua meter. Dina leungeun kéncana sidik pisan bal anu tadi dipaké sésépakan.
“Euleuh siah bal urang dicokot!” haréwos Holil.
“Keun baé antepkeun heula. Engké lamun balangah urang cokot,” ceuk Burhan.
“Kumaha mun dibawa ka jero?” tanya Holil.
Teu kaburu aya nu ngajawab. Mumu anu lumpatna katinggaleun kakara jol. Ma’lum Mumu mah kawilang pangleutikna jeung panghéngkérna. Lumpatna téh semu tungkul, matak barang jol nempo babaturanana semu darongko tukangeun tangkal calingcing téh manéhna ngarénjag.
“Nuju naon di darinya?” cenah bari ngajanteng, sorana ngéngkréng.
Barudak teu kaburu ngahuit. Ana gorowok téh Mang Amin nyarékan bari nunjuk-nunjukeun pangilang ka palebah barudak.
“Bebel siah! Maranéh nya nu sok maraén bal waé di dieu téh! Kenténg pareupeus, témbok jareblog, batu tara dibérésan! Ka dieu siah!”
Beretek wé barudak téh lalumpatan kabur teu sirikna paheula-heula. Atuh Mang Amin téh tambah ambek.
“Éh bebel téh kalah lalumpat siah! Ka dieu siah bebel! Cenah bari nyirintil lumpat ka sisi jalan. Barudak beuki tipaparétot lumpatna.
Rada anggang ti pabrik héleran ka lembur téh. Enya rada jauh ti paimahan, aya kana 600 meterna. Tapi barudak téh teu tuluy lumpat ka pilemburan. Maranéhna lumpat méngkol ka sisi balong Wa Ajang tuluyna bras ka sawah lega. Teu lumpat ka lembur téh kuriak nambahan nu nyarékan. Biasana kolot-kolot sok milu nyarékan lamun barudak diambek ku Mang Amin. Da dihenteu-henteu gé Mang Amin téh tokoh masarakat. Malah mah sanajan urang Cirahong, dua poé dina saminggu mah sok ngadon ngawuruk ngaji di madrasah. Matak ceuk kolot-kolot téh culangung ngaheureuykeun jeung baha ka Mang Amin téh. Pan guru Mang Amin téh.
Kolot-kolot milu nyarékan sotéh lamun Mang Amin ngambek. Ari masalah maén bal di héleran nu Mang amin mah tara nyarékan. Da meureun ngarasakeun, ayeuna mah barudak téh teu boga lahan keur maén bal. Aya buruan madrasah rada gedé, ayeuna mah dipaké neundeun bata jeung keusik keur ngoméan masjid.
Sanggeus lalumpat mapay-mapay galengan, barudak téh anjog ka gugunungan leutik nu ngajugrug di tengah-tengah pasawahan anu lega. Éta gugunungan téh aya tilu jentul. Di luhureunana rajeg tangkal kalapa jeung eurih di sela-selana. Tapi di gugunungan nu panggedéna mah dipelakan kacang panjang ku Ki Ajid, akina Udin.
Ku jalma-jalma urang dinya geus katelah éta gugunungan téh disebutna Kancah Nangkub. Sabab mémang ti kajauhan mah siga katél gedé nu ditangkub-tangkubkeun. Tapi ku barudak mah teu ngan ukur Kancah Nangkub disarebutna téh. Gunung laleutik téh tiluanana dingaranan. Nu panggedéna téa dingaranan Gunung Cépot. Nu rada leutik jeung tangkal kalapana jarangkung disebut Gunung Déwala. Ari nu pangleutikna mah disebut Gunung Garéng.
Cal mancal ka Gunung Cépot barudak téh. Ambekanana euweuh nu teu hah-héh-hoh ngahégak. Késang rarenung dina tarang. Malah Abas mah maké bijil lého sagala.
“Wah, bal moal kapuluk deui euy!” ceuk Abas bari ngingsreuk.
“Enya, ti heula gé disiksik siah,” ceuk Holil mairan.
“Ah, piraku?” omong Burhan.
“Bener, sumpahna ogé!”
“Baé lah barina ogé. Pira bal hiji.”
“Mémangna bal manéh kitu, Han?” tanya Sahidin.
“Teuing, lain. Éh, nu saha euy?” témbal Burhan bari tuluy mapay ngarérétan babaturanana.
“Nu abdi,” ceuk Mumu bari semu luwa-lewé.
“Euleuh siah! Teu nanaon, Mu?” tanya Abas.
Nu ditanya teu ngajawab kalah neuteup ka palebah pabrik héleran di kajauhan.
“Han, kumaha? Nu Mumu geuning éta mah,” Abas malik ka Burhan.
Burhan kalah siga nu bingung. Kabiasaanana kaluar, ngadon gagaro kana sirahna anu galing.
Tungtungna barudak téh ngahareneng. Bingung kudu kumaha. Maranéhna apal kolot Mumu lain jalma aya tapi apik kacida. Tong boro leungit barang, unggal balik ulin ogé Mumu mah teu weléh diwawancara. Terus digelendut diceramahan. Tah nu kieu bener, nu kitu salah, ieu hadé, ieu goréng. Wah, pokona mah sagala. Nepi ka pan Mumu mah paling “antik” dina nyarita ogé. Nu nyebut “antik” sotéh, Sahidin éta mah.
Ceuk bangsa kolot mah, alus kolot Mumu téh. Apik pisan. Banget pisan ngajaga kulawargana sangkan ngalakukeun sagala luyu jeung adab katut agama. Tapi ari keur barudak mah, asa rariweuh wé nyanghareupanana.
“Mu, wios lah bal mah engké digentosan ku Burhan,” ceuk Burhan leuleuy sanggeus sababaraha lila. “Kamari pan basa dipecak maca sajak duaan téa, urang kénging peunteun pangsaéna saur Bu Guru. Janten Bapa pasti masihan keur mésér bal ka Burhan. Sareng Mumu lah mésérna ogé ambéh sami sareng nu tadi.”
Mumu masih kénéh répéh bari tungkul.
“Nya, Mu, nya?” tambah Burhan.
“Tapi kumaha engké wawartos ka Ema?” ahirna Mumu nyarita.
“Béjakeun wé leungit!” ceuk Sahidin.
“Éh, éta mah atuh ngabohong nya, Mu, nya?” témpas Abas.
“Muhun.”
“Tos wé, Mu, carioskeun ditambut kituh ku Burhan. Da muhun pan bal Mumu nu panggentosna téa di Burhan kénéh?” ceuk Burhan.
Ahirna Mumu unggeuk. Barudak kabéh narik napas, longsong.
Sajongjongan mah barudak téh euweuh nu ngomong. Mumu ngusey mintel-mintel sacewir baralak. Abas jeung Holil anteng ngimeutan keretas wawar anu masih kénéh dibabawa. Sahidin nyarandé kana tangkal kalapa bari peupeureuman. Teu paureun katinggang kalapa atawa balukang sigana téh. Burhan anteng neuteup ka tebéh kidul ka lebah lembur Paneureusan. Teuing naon dijeroeun pikiranana. Ari Udin, ti barang batur ramé padungdengan ogé manéhna mah ngorolos ngadon tenga-tengo mapay-mapay kebon kacang akina.
“Kumaha arék lalajo téh?” omong Abas sanggeus sabaraha lila ngimeutan keretas wawar.
“Heu’euh, kumaha ieu téh?” sambung Holil.
“Baroga duit kitu keur karcisna?” ceuk Sahidin bari angger peupeureuman.
“Heu’euh, mahal nya,” témbal Abas semu hanjelu.
“Geus lah urang réréongan baé,” Burhan nyelengkeung.
“Réréongan sakarciseun? Atuh meureun ngan saurangeun?” ceuk Holil.
“Nya keun baé. Nu penting mah aya salah saurang anu bisa,” témbal Burhan.
“Enya ogé euy. Tapi saha nu inditna? Pasti lain kuring geura,” celetuk Sahidin.
“Ah, nu indit mah saha wé. Hom pim pah yu!” témpas Abas.
Barudak nu padungdengan téh raéng nyatujuan.
“Udin, manéh rék miluan réréongan moal?” Abas ngagorowok ka nu keur di kebon kacang.
“Réréongan naon?” ceuk Udin malik nanya. Tangtunganana mah teu kaciri kahalangan rajegna turus kacang.
“Réréongan meuli karcis!” Abas ngagorowok deui.
“Moal ah, kuring mah rék lalajo jeung Mang Oday!”
“Lah dasar! Sagala téh Mang Oday wé!” Abas gegrenyeman.
“Keun baé urang wungkul wé lah,” ceuk Burhan.
“Ké heula ké heula! Kumaha ieu téh aturanana? Rék iuran sabaraha?” Sahidin nyarita.
“Tah kuring mah iuran saratus pérak,” ceuk Burhan bari neundeun duit kencring saratus dina batu lémpar anu kabeneran aya dihareupeunana. Nu séjén ogé suk-sok.
“Abdi gé saratus.”
“Sarua.”
“Kuring gé saratus.”
“Lil, tong saratus atuh! Manéh mah kudu dua ratus da duit jajanna ogé panggedéna,” ceuk Sahidin.
Holil teu ngajawab. Mundur deui wé sanggeus neundeun duit saratus téh bari tungkul.
“Enggeus kétang, mending ogé akurkeun wé kabéh,” témpas Burhan.
“Ari manéh mana siah, Sahidin? Can sok geuning?” Abas muncereng.
“Hé hé hé, apan tadina mah rék katalangan ku si Holil,” cenah bari nyéréngéh tuluy kukusiwelan kana pésak calana pondokna.
“Mu, cepeng artosna!” ceuk Burhan sanggeus Sahidin neundeun duitna. Mumu gura-giru ngarawu duit tuluy dikeupeul.
“Ké heula! Duit téh pan ngan lima ratus, ari karcis pan tujuh ratus mapuluhan,” Sahidin nyarita deui.
“Lah geus kapilih saha-sahana mah kumaha wé. Réréongan enggeus, nya nu bagéanana wé nambahan deui,” témpas Burhan.
“Wah, kuring moal boga tambahna euy. Kurang,” témbal Sahidin deui.
“Lah, gampang. Nginjem heula wé ka si Holil. Nya, Lil?” ceuk Abas. Holil unggeuk.
“Sok atuh lah urang hom pim pah!” ceuk Sahidin.
Barudak ngasrog ka tengah rék hom pim pah. Tinggal Mumu anu henteu téh.
“Hayu, Mu!” ceuk Abas.
“Ah, moal abdi mah. Mangga wé opatan,” témbal Mumu.
“Geus, sok-sok lah mimitian!” ceuk Burhan.
Nu opatan ngariung. Kabéh nyodorkeun leungeun ka tengah-tengah riungan, dampal leungeun ditangkubkeun. Bari ngoyag-ngoyag leungeun samet pigeulang maranéhna ngarawih.
“Hom pim pah alaihum gambréng!”
Barang réngsé kecap alaihum kabéh rikat angangkat leungeunna ka luhur tuluy ka handap deui dina kecap gambréng. Abas jeung Holil nangkarakeun dampal leungeunna, sedengkeun Burhan jeung Sahidin mah nangkub. Jadina gedeg can aya nu kapilih.
“Gambréng!” cenah barudak téh malikan deui.
Ayeuna mah bet kabéh dampal leungeunna nangkarak. Atuh kapaksa dibalikan deui.
“Gambréng!” cenah.
“Horé! Kuring meunang! Kuring meunang!” ceuk Holil bari ngéngklak. Ngomongna semu dilagukeun. Nu séjén ngan ukur gagaro sirah nempo Holil kitu téh. Enya atuda tadi téh maranéhna mah nangkubkeun leungeunna, ngan Holil nu henteu téh.
***--- hanca
Tidak ada komentar:
Posting Komentar